KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #9

KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #9
KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA


=============================
Meser Uyah ka karawang
Di jalan na meni liyeur..
Akang ulah hariwang
Istri mh atuh seueur..

Mawa toge nu ti gunung
Mani pajeng kanggo meri
Abdi oge jadi bingung
Bari eujeung hayang seuri

Mawa toge nu ti gunung
Mani pajeng kanggo meri
Abdi oge jadi bingung
Bari eujeung hayang seuri

Piring pisin piring pisin
Wadah toge ni molongo
Entong isin entong isin
Pak ustadz ge nteu ngango

ka banten samemeh gunung
meni luhur nyawang jalan
hapunten ka teteh Nunung
abdi ukur nyumbang saran

Arek ngadek kena keran
Ditalian nu bocorna
Ari adek nyumbang saran
Sakalian jeung amplopna

meni akur hayang jajan
nudi jual menang tamplok
abdi ukur nyumbang saran
jadi moal nyumbang amplok

Aya lele muni loba
Eujeung hurang di sagara
Ngamumule seni sunda
Tugas urang sarerea..

bumbu lele meni lada
kurang lada ceuk nu beuki
ngamumule seni sunda
urang sunda kudu surti

Kaditu jauh bumina
nu ngarentep aya bale
tah kitu atuh admina
ulah diarantep wae

simamah nuju nyiaran
apes ngejat nu kutuan
ieu mah apan sindiran
sanes tempat tarucingan

ulah ulah ku nyobina
semen banting ka panangan
kedah namah ku saena
komen fosting kusindiran

Suka mandi suka kerti
Kebon enteh belah kaler
Enya abdi ge teu ngarti
Mosting teh bari ngagoler

Meuli salam ka bengkulu
Nu teu ngajawab salam cing nyeuri huntu

Surabi hideung surabi hideung
Hideung ge ti tadina
Abdi nineung abdi nineung
Nineung ka manehna



KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #9 Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

4 comments:

Unknown said...

Lauk bogo meunang mais
Lauk betok meunang maling
Sono bogoh basa geulis
Betekok mah sudi teuing

Unknown said...

Lauk bogo meunang mais
Lauk betok meunang maling
Sono bogoh basa geulis
Betekok mah sudi teuing

Unknown said...

Mawa kuya dina pispot
Kaleng ditutup totopong
Pajar tea pipi kempot
Sihoreng pedah geus ompong

Unknown said...

Mawa kuya dina pispot
Kaleng ditutup totopong
Pajar tea pipi kempot
Sihoreng pedah geus ompong

Post a Comment