Social Icons

twitterfacebookgoogle pluslinkedinrss feedemail
Tampilkan posting dengan label PIWURUK. Tampilkan semua posting
Tampilkan posting dengan label PIWURUK. Tampilkan semua posting

Kamis, 11 Oktober 2012

PANTUN LEBARAN

http://wayang.files.wordpress.com/2010/03/semar.jpg?w=535
Anak gajah di kolong bale,
lagi asyik makan pete,
mohon maaf atas segale,
salah sikap dan salah kate

====================================================

Ikan teri kesamber gledek.
Idul fitri is come back.
Ada anak pelihara kate,
maafin kita sekeluarga ye.
Buah jambu disayur lodeh.
Kalo gak mau, ee e ee capek deh.

====================================================

Jalan kaki ke petamburan,
disana beli ikan cue
bentar lagi hari lebaran,
asyik ada banyak kue

====================================================

Anak kodok makan ketupat.
Makan ketupat sambil melompat.
Ngirim kartu udah gak sempat.
Pake sms pun no what-what.
Taqobbalallahu minnawaminkum.

====================================================

Ada ketupat di meja makan.
Jangan lupa opor ayamnya.
Mum­pung Sekarang Kita lebaran.
Tolong Maafin aku ya!

====================================================

Pergi ke Gombong makan kedongdong, Di Tasikmalaya beli liontin.
Maafkan daku yang sering khilaf dan sombong.
Maafkan lahir dan batin.

====================================================

Beli es di warung bu Rima. Taruh di piring santap bersama.
SMS sudah saya terima, teriring pula maksud yang sama.
Minal Aidzin wal Faidzin. Mohon maaf lahir batin.

====================================================

Tari guci rentak Melayu, Hitung langkah rentak delapan.
Hari suci di ambang pintu, Khilaf-khilafan salah mohon dimaafkan.

PIWURUK

 http://2.bp.blogspot.com/-0fwarh_jm4g/T_Jotz3mDFI/AAAAAAAAAQE/a1rmiELllT0/s1600/z_dawala_neo.jpg
Poe salasa tumpak kuda
kuda paninggalan walanda
urang mah urang sunda
atuh pake basa sunda


kangkung diasakan ku randa
ngeunah pisan rasana
angklung teh asli ti sunda
kuring nu bogana


aya pawang buhaya
pawangna ulin ka persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dicolong ku malaysia



hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya



ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa



aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona



baju teh apan disewakeun
disewakeun ku indung sia
basa sunda sok atuh gunakeun
saeuncan diaku ku malaysia


aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana randa
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda


Tah ari anu ieu dihandap mah
Sanes jieunan sim kuring, tapi pantun teh sasuai anu dicaritakeun ku pun nini.



majar maneh rek ka huma
ka cai ngajingjing kendi
majar maneh rek karunya
lila-lila nganyeyeri


paingan cacing barijil
halodo katinggang hujan
paingan teu genah cicing
kabogoh aya nu neang



baju hejo dibulao
kembangna katuncar maur
seubeuh nenjo ti bareto
geus gede dikawin batur



Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina waru
Majar maneh lengkeh koneng
kulit beuteung meuni nambru

*lengkeh koneng=langsing singset







ka Bandung kuring ka bandung
sukajadi keur marema
kaduhung kuring kaduhung
heunte jadi ka manehna

*marema=rame



kamana ngaitkeun kincir
sakieu panas poena
kamana ngaitkeun pikir
sakieu panas hatena


cau ambon dikorangan
korangna ka pipir-pipir
manehna ambon sorangan
urangna teu mikir-mikir
*ambon sorangan=bertepuk sebelah tangan



samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunnana
abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunnana
*nineung=inget mulu



diputer-puter paseukna
ari pek beunang talina
diincer-incer lanceukna
ari pek meunang adina



itu gunung ieu gunung
gunungna gunung arjuna
itu pundung ieu pundung
pundungna bet duanana



aya oplet maju ngidul
kuring wawuh ka supirna
diajar teh ulah ngedul
bisi kaduhung ahirna



Majar maneh nganyam samak
neukteukkan bari motongan
majar maneh neang anak
ngadekeutan popotongan



kuma suling kuma suling
suling teh ngan silung wae

Kuma kuring kuma kuring
kuring teh ngan bingung wae
*silung=sorana teu pas



Aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya


Aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun



ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa



di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung



kamari ulin ka samarinda
trus nyimpang ka bima
kuring mah da urang sunda
nyebat ka indung teh emak


diluhur aya bandera
bandera gambar panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda

Senin, 30 Juli 2012

SISINDIRAN PIWURUK

 http://menjawabdenganhati.files.wordpress.com/2010/06/semar_wayang.jpg
Di handap ieu mangrupa conto-conto Paparikan anu watekna Piwuruk atawa Piwulang tur geus dipikawanoh ku sabagian gedé urang Sunda. Dina harti geus ilahar dipaké dina omongan sapopoé, samalah disakola mah sok diajarkeun. Rada hésé maluruh saha-sahana nu geus nganggitna.

Anapon Paparikan téh mangrupa salahsahiji wangun Sisindiran (ti sagédéngeun Rarakitan jeung Wawangsalan). Paparikan asalna tina kecap “parik” atawa “parek” anu hartina “deukeut” atawa “caket”. Pangna disebut kitu, lantaran dina Paparikan téh aya sora anu padeukeut nyatana antara sora dina cangkang jeung dina eusi.
Ditilik tina wanguna, sapada (sagunduk) Paparikan téh diwangun ku opat padalisan (jajaran). Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang (suku kata/vokal). Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang (sampiran), sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi (isi). Antara cangkang jeung eusi téh teu aya hubungan (harti) nanaon, iwal ku padeukeutna sora téa (murwakanti).
Lianti miwatek Piwuruk, Paparikan ogé aya anu watekna “silihasih” atawa “birahi”, “sésébréd” atawa “banyol” (heureuy), jeung aya deui anu “cawokah” malah “jorang”, sarta aya ogé anu watekna “resmi” atawa “dines” nyaéta anu ilahar dipake pikeun bubuka jeung panutup (pangpangna dina pagelaran jeung dina biantara-biantara).

Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
Mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
Sanajan nu indung bapa
omat ulah wani-wani

Batu angkik mata ali
dina peti wadah uang
Wantu abdi sanés ahli
sepi harti kirang luang

Bobor emas dua réal
dilebur leungit saréal
Mun campur jeung jalma royal
manéh tangtu milu royal

Daun salasih ngareluk
diseumat ku awi beulah
Nu asih ka pada mahluk
dirahmat ku Gusti Alloh

Dimana nya melak paré
melak sampeu mah ditegal
Nu migawé lampah hadé
ibarat nu boga modal

Hangasa bawa ti gunung
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
nitipkeun raga jeung nyawa

Hampelas raraga jati
palataran babaléan
Ihlas raga sareng pati
ngabélaan kasaéan

Hayam jago eukeur béla
dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
sangkan beunghar ku pangarti

Jiga naon lauk enun
matak jadi kahéranan
Mun manéh cucud jeung junun
insya Alloh tinekanan

Kanikir siki kanikir
cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba élmu

Ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Lauk emas ngakan ganggeng
disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti
Mawa peti dina sundung
dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa

Méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
Méméh nyaritakeun batur
tilik heula awak manéh

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goréng

Ngala lauk meunang selar
bungkusna daun Hangasa
Sakur mahluk nu gumelar
dirahmat ku Nu Kawasa

Nimbang paré deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hadé gé diajar

Ninun boéh pakan muda
ajar suri jeung taropong
Anu paéh taya banda
kantun diri ngajolopong

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara létah
mokaha salamét diri

Pikasureun dijarumat
jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hurmat
sasama kudu ajénan

Pulas batik encit muntah
meulina ti anu kumed
Reungeukeun kami papatah
ulah resep ceceremed

Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh
papatah guru éstokeun

Séréh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Saméméh manéh pok ngomong
pikir heula masing asak

Susuru opat ngajajar
katinggang ku daun jati
Guguru kapalang ajar
cara kembang burung jadi

Tatangga hajat nyunatan
saréréa milu suka
Diajar ulah béngbatan
bisi kaduhung jagana