PIWULANG

PIWULANG
PIWULANG


PIWULANG

Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar

Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng

Meunggeus diangir ku jeungjing
geura ganti ku Ki Hiang
Meunggeus pelesir ti peuting
geura ganti ku sambéang

Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun

Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti

Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
Bisi kaduhung jagana

Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
nu guna dunya ahérat
SILIH ASIH
Abong-abong abdi bonténg
seubeuh diacar diangeun
Abong-abong abdi goréng
seubeuh disangsara deungeun

Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé

Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun

Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana

Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran

Ka mana nya nyiar payung
sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
sakieu panas haténa

Lain bangban lain pacing
lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya kuduna

Mun teu tulus ka paseukna
ka pacirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
ka adina ogé hadé

Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang

moal weléh diakalan




PIWULANG Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment