AYUN AMBING Penyanyi : Agus Caley

Wilujeung teupang Baraya …Hayu akh urang kakawihan di blog simkuring
Tangtosna ngahaleuangna kawih – kawih sunda …mangga prung akh…..
 
AYUN AMBING Penyanyi : Agus Caley
Add captionAYUN AMBING Penyanyi : Agus Caley
AYUN AMBING
Penyanyi : Agus Caley
====================================================
Deungkleung dengdek
Anaking jimat awaking
Geura bobo
Panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI
Deungkleung dengdek
Anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono
teu weuleh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri

Kieu buktina
Kedah kieu nasibna

====================================================
Tah geuning cekap akh Baraya ngahaleuangna ……

Urang teuraskeun ku kawih nu sanes dina postingan nu sanes
AYUN AMBING Penyanyi : Agus Caley Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment