KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 1

Wilujeung teupang Baraya , Sok emut nuju alit nya pami urang ngaos kawih - kawih nu aya di andap iyeu ,sapertos simkuring kapungkur ku pun rama sok bari ngeleg teras Ucang angge atanapi sareng sobat dalit di buruan arameng bari kakawihan , tah kukituna simkuring hoyong ngemutan deui baraya sadayana perkawis kawih kawih nuju urang keur alit atanapi memang di antawisna dugika ayeuna oge masih keneh aya tapi mung sa alit nu apal na , tah supados teu panjang lebar sumangga akh..aos postingan simkuring di palih handap
KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 1
KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 1


KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK
=============================
Cingcangkeling

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
=============================
Cing ciripit
Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna

Kawih lainna:
Cing ciripit
Kadal buntung
Duit saringgit
Dipaké nyandung
A, i, u, daun cau nangka ngora
Ari tang tang tang tangkeup
=============================
Cok Cang (Cokcangan)

Cok cang si pencok si kacang
Si niti anggolati
Si togog montok.
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang si pendék si kacang
Si niti anggolati
Dog clo
Bo lo nyon, atawa 
Cok cang si pendék si kacang
Si niti anggolati
Lameta déning si togog
Montok
=============================
Hompilah

Hompilah hompimpah
Alaihum gambréng

=============================
Tutunjukan
Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,
Ah embung, sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca
Si paok katinggang picung,
Cungcurung ka Cipicung
Dél odél papatong dosol
Tinyohnyor
Kawih lianna :

Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,
Sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca
Kadanca katindih picung,
Cungcurung kawin odéng
Odéng panjang buntut.
=============================
Prang-pring
Prang-pring-prung
Sabuluh buluh gading
Saunda unda perang
Nya perang di pangadegan
Turuné puyuh
Hayam jago babaranten
Dikencréng-kencréng kucubung
Kucubung kuruwak dugel
Mana dugel ka si muntel
Telur jalu kembang kuménggér géyé
=============================
Eundeuk-eundeuk cang

Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki.

Rakitan kawih lianna kieu :

Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang peucang sahiji
'Leupas deui ku [[nyai]
Beunang deui ku santri
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
=============================
Tokécang

Tokécang, tokécang
Moncor ka handapeun palang
Nangtungna patukang-tukang.[1]

Kawih lianna :

1
Tokécang, tokécang
Balangendir tosblong
Angeun kacang, angeun kacang
Sapariuk kosong

2
Tokécang, tokécang
Balangendir tosblong
Angeun kacang, angeun kacang
Sapependil kosong

3
Tokécang, tokécang
Malik pendil tosblong
Angeun kacang, angeun kacang
Sapariuk kosong
=============================
Ayang-ayang gung

Ayang-ayanggung,
gung goongna ramé,
ménak Ki Mas Tanu,
nu jadi wadana,

naha manéh kitu,
tukang olo-olo,
loba anu giruk,
ruket jeung Kumpeni,

niat jadi pangkat,
katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem,
lempa lempi lempong
jalan ka Batawi ngemplong.

Kawih lianna:

Oyong-oyong bangkong,'
kong parakan nyambut,
buten buah beunying,
nyingsat ka cawéné,

néang nu ngajuru,
rungkad sajajagat,
gatrik naék munding,
dingklak ka landeuhkeun,

keuna kana burang,
rangkék naék jambé,
béo wliyulah,
laha dina bilik,

lika meunang nguseup,
seupan leunca ngora,
ratib ngan duaan,
anteur kami mulang,

langka munding bulé,
lédéh kahujanan,
nangtung jadi ratu,
tuan besar senang,

nangtung ka nu butuh,
tutali tumenggung,
gung goongna ramé,
ménak Ki Wastanu,

nu jadi wadana,
naha manéh kitu,
tukang olo-olo,
loba anu giruk,

ruket jeung Kumpeni,
niat jadi pangkat,
katon kagoréngan,
ngantos Kangjeng Dalem,

lempa lempi lempong
jalan ka Batawi ngemplong,
plong ka kulon plong ka wétan,
tantara Lemah-abang,

bangkong luncat ka sawah,
wahon Abdul Wahab,
Habib tukang bajigur,
Gurka kurang ajar,

jarah ka Batutulis,
lisung nini-nini,
Nipong tukang tipu,
puas dibom atum,

tuma nyaliara,
ramé di Jakarta,
tara ti sasari,
ribut loba Indo,
Indonésia Meredéka.

=============================

KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 1 Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment