KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #4

KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #4

KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #4


=============================
Di pangandaran aya umang
Moal mungkin aya di situ
Panyawat naon mang
Dugika curhat kitu
=============================
Ka jakarta
Ka Purwakarta
Tah eta
Mung beurat ngalengkahna
=============================
Baso urat nu gedena
abdi mah aduh karesepna
biasa panyawat muda
nyeri saeutik di aaya
=============================
Lampu bodas nu caangna
lampu bohlamna nu buremna
pasti mah eta beuratna
tapi gede oge buruhna
=============================
Jalan2 ka bale endah
Nyimpang heula ka sukawarni
Biasana Panyawat pamuda mah
Kaluman ku hiji istri
=============================
Situ gedeeee
Di Tasikmalaya
Eta ogeeeee
Mun alus niatna
=============================
Daun puring hejo Daun na
Mapaesan endah bumi na
Pangna abdi bogoh ka anjeuna
Geus berehan tur Sholeh Jalmi na
=============================
piring songek nang nyisiran,
daa paketrok sok pa adu,.
ngiring ngarengek d sisindiran,.
ngke mun amprok tambah seruu
=============================
es lilin ku amis tiis
ngale'et na nju teler
abi isin ku neng gelis
di kicepan jol ngagoler…!!!
=============================
nu laleumpang sisi jalan
ka Cijambé meuli busa
hayu urang sisindiran
ngamumule seni sunda
=============================
tomat dua rék dirujak
dicampuran ku kurupuk
omat ulah diraruksak
ku postingan nungacapruk..
=============================
seuseurian jeung nu nyémah
samutut teu dibaturan
sisindiran nu merenah

nu nurut kana aturan.
KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA BARAYA #4 Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment