SISINDIRAN NGAJAK



SISINDIRAN NGAJAK
SISINDIRAN NGAJAK



Wilujweung tepang baraya di palih handap simkuring bade medarkeun di antawis sisinsdiran anu ka leresan kapendak ku simkuring kanggo sadaya baraya mugi janten panghibur kanggo anu  linggih ka blog iyeu mugi janten panghibur kanggo sadayana

Aya kuya mawa iteuk
meser bias make kado
baraya tong gulak gileuk
bras wae kapasundan radio...

Kayu bala aya di tanjakan
Kapas na din a pandan
Hayu baraya urang gogonjakan
Silih tempas di pasundan

Kayu bala kembang kerisan
Ayana di pangikiran
Dari pada baraya katirisan
Mending urang sisindiran...

Mobil butut endut endutan
Jalan na kapasisiran….
Daripada baraya nundutan
Mending urang sisindiran

Kayu bala aya bangbung
Disapu keun ka na panto
Hayu baraya ngiring gabung
Didieu di pasundan radio....

Kamana ngaitkeun kincir
Sakieu panas poena
Lamun baraya sing  purintil
Diantos rumojongna…..

Kayu bala di pasisiran
Dipasisiran di cicendo
Hayu baraya urang sisindiran
Didieu di pasundan radio

Mobil bemo endut endutan
Jalanna ka pasisiran
Daripada baraya nundutan
Mending hayu urang sisindiran....

Dimana aya halimun
Ayana di pasisiran
Daripada ngalamun
Mending urang sisindiran.....

anu sanesna :
SISINDIRAN NGAJAK Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment