SISINDIRAN CAMPUR

Wilujeung tepang baraya...nah sateu acan ngaos iyeu sisindiran cobi akh urang ton ton hiburan heula kanggo selingan ..di jaman ayeuna kreativitas kedah nyesuaikeun jaman supados di pikareuseup ku murangkalih ayeuna tah contona sapwertos kieu.....







kajakarta jeung ceu yayah
mang engkur rek kacimenyan,
kacinta reujeung kanyaah,
saukur anjeun sorangan

mawa enteh ti malabar,
ka sancang rek numpak delman,
hate teh asa teu sabar,
hayang gancang duduaan

kacapiring sisi imah,
kembang honje ngarangrangan,
kuring keur ngrasa bungah,
bebende datang nembongan

papanting heunteup na gantar,
na gantar sisi astana,
teungah peuting kuring lapar,
rek dahar euweuh kejona

daun eurih jeung kiciwis,
daun mayang sisi jalan,
mun panggih reujeung nu geulis,
sok hayang gancang kenalan

ngala Manggu jeung si endud,
mang nana rek meuli pensil,
saminggu teu bisa udud,
usaha na acan hasil

kacimanggu warung cina,
kaciampel jeung mang sarjan,
malem minggu nu ayeuna,
rek apel kalahka hujan

cikukulu batu belah,
ciaseupa jeung cijerah,
lieur hulu nyeri sirah,
nyukupan keur kabutuhan

Kacikole kasagulung,
sagulung alus jalana,
mun awewe eukeur pundung,
sok bingung ngupahan nana,

Kapiting hirup na batu,
cicika heunteup na pare,
sapeupeuting nyeuri huntu 
nepika teu bisa sare

Maen catur jeung mang yaya,
maen kempul jeung mang ukan,
Yu batur urang sadaya,
urang ngumpul gogonjakan,

Meuli ragi ti mang yaya,
ti ceu uyu meuli koran,
Kawargi  sadaya,
hayu urang haliburan

Talingtung talina kawat,
awi garing ti mang oha,
satungtung kuring keur kuat,
kuring terus berusaha

Ticilame ka ciburuy,
kacibadak naek taksi,
awewe nu matak uruy,
mun boga awak nu seksi

Mawa beling dikorangan,
mawa waluh ti mang ukan,
Gulang guling ngan sorangan,
keur jauh jeung pamajikan

papanting na tangkal pare.. 
manuk nyayang na dahan.. 
geus peuting teu bisa sare 
hyang ngekepan pamajikan..

Kembang mayang reujeung comrang,
mawa lilin mawa peda,
Kahayang acan kasorang,
hayang kawin jeung nyiranda

mun hayang dahar jeung peda, 
leuwih ngeunah pedana ditipungan. 
mun hayang ka nyiranda. 
jung atuh randana geura tepungan

Mawa lilin mawa peda
Mawana angkut ku roda
Hayng kawin jeung nyiranda

Nu nyampak ngan bujur kuda


melak jukut di astana,
ngala mayang sisi cai,
mun emut kasimanehna,
kabayang siang jeung wengi

ngala cabe make gantar,
ngala kupa dikaitan,
dug sare timemeh asar,
arek buka kaburitan

campaka daun angsana,
ngarampayak sisi jalan,
lamun buka geus laksana,
beuteung bunghak kamerkaan

melak salam jig kasawah,
hama wereng na hangasa,
umat islam kudu bungah,
mun pareng datang puasa

ka sawah ngala hangasa,
kasusukan ngala salam,
berkah na bulan puasa,
tujuan keur umat islam

salawe 25 
mobil sedan cetna hejo 
awewe jaman ayeuna 
bisa dangdan teu bisa ngejo. 
soalna geus aya mejikom


mang ajan nu ka ceu lilis,
mang ade nu ka teh lina,
sok sanajan henteu geulis,
tapi gede kanyaahna

hama wereng dina kacang,
aya hurang nu pahaji,
lamun pareng umur panjang,
urang teh pasti ngahiji

ka malaya meuli hurang,
kacijagsa meuli sale,
indonesia raya nu urang,
urang jaga jeung mumule,
SISINDIRAN CAMPUR Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment