SISINDIRAN NGUTARAKEUN RASA

SISINDIRAN NGUTARAKEUN RASA
SISINDIRAN NGUTARAKEUN RASA

Kade sireum dina meja,
Wadah gula tebih kedahna,
Bade kulem mangga ngado'a
ulah hilap kanu kawasa

Ngurek belut ka Gardujati,
nyimpang heula ka kebon kalapa,
Hayu sadaya bobotoh sajati,
ulah hilap kana rebonyunda

Lajeng leumpang ka talaga,
bau banget eta laukna,
wilujeng dinten Sumpah Pemuda,
hayu sumanget ngadamel karya.

Engkang-engkang dina dulang,
batokohok endog tongo,
akang-akang geura datang,
yeuh euneng ntos sono

Bongan bangkong bongan bangkong,
ka cai teu dimandikeun.
Bongan bohong bongan bohong,
pasini teu dijadikeun.

Kapan abdi ménta cai,
naha henteu dicangkiran?
Kapan abdi ménta jangji,
naha henteu, henteu dipikiran

Saéran ti Rancamanyar,
kararas hiji-hijina.
Panasaran ku nu anyar,
ari ras jangji-jangjina

Lain nangka tapi caringin,
guyang nyirib dina sagara,
lain uka embung kawin,
hayang Persib juara heula

Teurab loba dahar tarasi,
can nginum cai ti Sukajadi,
ijab pasti jadi salaki,
bobogohan can tangtu ngajadi.

Hayu mancing dina sagara,
ngojay nyandak seueur calana,
wilujeng enjing sadaya baraya,
 mugi caket tina rido-Na

Meulah kaen tengah peuting,
lampu gantung nyieun caang,
ulah ulin jauh teuing,
hayu dukung Persib urang.

Beus telat roda na opat,
boa mesinna diganti kakara,
geus sholat ulah lumpat,
ngadoa heula Persib juara

Hayu pepelak daun enteh,
nganteur domba dina sapi,
waktu imsak lila keneh,
masih bisa ninyuh ngopi

neng ana urang cisaga ,
sakola ka majalengka .
masing urang beda sakola ,
tapi tetep urang cinta

Kembang waluh eukeur mekar,
padeukeut jeung kembang jaat,
ambéh pajauh jeung mungkar,
ulah sok ninggalkeun sholat

Jalan-jalan ka Pulo Penyengat
Inditna dina poé Jum'at,
Naon gunana pamingpin hébat,
Lamun henteu deukeut jeung rahayat,

Painganan naek badak
Singhoreng aya korsina
Painganan alim pendak
Sing horeng seeur istrina

niat bade nyandak kabaya,
 tapi malah noong randa.
lamun nya'ah kana budaya,
biasakeun ngomong sunda

jalan" ka pakistan,
tong hilap meser bonteng,
kaduhung boga pamajikan,
tp sungut.a bau septitank.

d tanjakan aya motor,
motorna motor satria,
hirupmah tong jadi koruptor,
bisi di paehan ku warga,

meuli baju make kuda,
mawa patung make sirib.
Mun rumasa urang sunda,
geus pasti ngadukung Persib

ka pasar meuli sirib,
balikna meuli pukis.
mun anjeun nyaah ka @persib ,
kade omat ulah anarkis

Ulah ngawur-ngawur cai,
 Leuheung lamun dibaskoman,
Ulah ngumbar-ngumbar jangji,
Leuheung lamun kacumponan

ngala hinis di cileat .
hinisna ngagores urat .
mantak kudu rajin solat .
ngarah salamet di aherat

sing geutol nginum jajamu
gunana ameh nguatkeun urat
sing geutol neangan elmu 
gunana keur ka aherat

hayang nyaba kabandung,
hayang apal pabrik kina..
SOK HAYANG NANYA NU PUNDUNG,
HAYANG APAL MIMITINA

Kembang cula kembang tanjung,
kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun,
moal weleh diantosan

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeum urat,
sing getol néangan élmu,
nu guna dunya akhérat

Es lilin ku amis tiis
leuwih ngenah ti es teler..
kuring resep kanu geulis
di kiceupan jol ngagoler

maksudmah arek ka medan,
balikna ka sulawesi,
ayeuna jaman geus edan,
loba jalma nu prustasi

Ningal parab dina istal,
ngaku lele baraya kuda,
ulah hilap kana asal, h

ayu mumule budaya sunda.
SISINDIRAN NGUTARAKEUN RASA Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment