SISINDIRAN PIWURUK

SISINDIRAN PIWURUK
SISINDIRAN PIWURUK

daun pulus dilulunan
jojodog ti tarkolot
sugan tulus lalaunan
aya jodi pakokolot

Boboko ayakan kalo
cecempeh wadah gorengan
bobogohan ulah ka alo
matak loba kagorengan

Tangkal saledri tangkal kangkung
dijengkal baki didapur
aya istri di kerudung
hanjakal beuki salaki batur

Kamana Jalan Ka Jogja
Kaditu Ka Palih Wetan
Kamana Jaln Ka Surga
Ka ditu Ka Pangaosan

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
lamun hidep geus dewasa
kudu bisa jaga diri

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cepot jeung Gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

buah kedong-dong
buah salak
hepi dong
tong galak

Kanikir siki kanikir
cangkudu meunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang

Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti

Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh

Ngala lauk meunang selar
bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti

Sereh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Samemeh anjeun pok ngomong
pikir heula masing asak

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri


Nimbang pare deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar
SISINDIRAN PIWURUK Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment